www.a-lh.blogspot.com adalah Blog kumpulan Lirik - Chord lagu Terbaru yang dinyanyikan oleh artis dan penyanyi dari Indonesia dan mancanegara. Prioritas utama kami adalah menyediakan lirik lagu Mp3 terbaru dan yang saat ini sedang populer. Untuk mempermudah, masing-masing lirik lagu telah dikategorikan berdasarkan penyanyi dan albumnya. Gunakan kotak pencarian di bagian kanan untuk melakukan pencarian lirik lagu. Demi kenyamanan Anda semua, beberapa lagu kini telah dilengkapi pula chord gitar / kord gitarnya. Sehingga bagi penikmat musik yang gemar bermain gitar dapat lebih menikmati lagunya. Dan Sekalian Terimakasih Atas Kunjungannya.......!!!

Lirik Lagu Doel Sumbang - Mojang Bedegong Urang Jelekong

Teks lagu di atas adalah hak cipta / hak milik dari pengarang, artis, dan label musik yg bersangkutan.

Lamun hitut siga sora bangkong
Mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
Lamun kerek siga sora bangkong
Mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
Ti bau cikur icalan cintrong
Mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
Cita cita boga salaki garong
Di alun alun panggih jeung si mehong
Pangsiunan budak buraong
Nu ayeuna jadi tukang bangkong
Di modalan ku haji engkong
(Urang cibintu tah haji engkong teh bah eon)
Beuki deket beuki rakeut
Siga keretas di rapet
Henteu lila ti harita
Urusan eujeung KUA
Rumah tangga anyang-anyangan
Loba pisan pacengkadan
Loba piring tingkalayang
Ka tatangga ngagandengan
Mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
Teu bisa tumarima kana kaayaan mehong
Anu penghasilan ngan saukur tina bangkong
Hayang televisi ngan kabeli gambar toong
Laki rabi awet rajet
Recet siga anak ancet
Rumah tangga paburantak
Siga samangka katincak
Siga bioskop
Rumah tangga bubaran
Mojang bedegong ngaranda
Si mehong jadi duda
Mojang bedegong
Beuki maceuh ngelmu bagong
Dangdanan siga nu gelo
Mejeng hayang meunag jodo!
Lalakon hirup manusia
Sok tara disangka sangka
Jadi inget kana film
Nu judulna Pretty Woman
Mojang bedegong urang jelekong
Aya anu mikanyaah
Lalaki benghar jeung kasep
Ceunah mah pajabat basah
Nya nepi ka rumah tangga
Make jeung awet sagala
Tara kadenge pasea
Romantis luar biasa
Nujun atuh ari geus senang mah
Nyai!
Ulah bedegong deui we nya!
Kuring mindeng pisan panggih
Manehna jeung salakina
Make mobil herang mewah
Bari renceum ku berlian
Sifat jelema jalanan
Tara poho ku babaturan
Malahan ku kuring pernah
Maksa milu makan malam
Keur dahar kuring tumaros
Bari rada ngaharewos
"Nyai, sanes kapungkur mah cita-cita
Teh palay kagungan caroge ka garong
Naha teu janten, robih pamadegan?"
Ari tembalna teh
"Ah henteu kang doel, justru abdi teh
Ngemut
Upami abdi nyiar caroge garong
Tangtosna rada sesah
Margi tangtosna age moal aya garong
Anu wantun ngangken garong
Atuh kaleresan abdi pendak sareng
Pamegat kasep bari jabatanana basah
Binga kabina bina abdi teh
Da geuning carage abdi anu pajabat
Basah teh
Sagala rupina langkung ti garong!"
Kuring teu bisa nyarita
Da ceuk pikir kuring age memang
Heuheuh!
Duka atuh ah poek
Urang duakeun we ku urang
Mojang bedegong sing geura eling

[*courtesy of http://a-lh.blogspot.com]
Lyric - lyric :


This song is copyright of the authors, artists and music labels